Kénging H. Usep Romli, HM
Satengahing pabaliut jeung paburantakna kahirupan politik jeung
pamaréntahan kiwari, boh doméstik boh mancanagara, teu salah lamun
ngeunteung ka Umar bin Khattab (lahir taun 41 saméméh Hijrah). Anjeunna
salah saurang pamingpin jalma-jalma iman (Amirul Mukminin), sabada Abu
Bakar as Shiddiq, atawa saméméh Utsman bin Affan jeung Ali bin Abi
Thalib. Éta opat pamingpin nu neruskeun hanca kapamingpinan Kangjeng
Nabi Muhammad Saw téh, disebut “Khulafaur Rasyidiin” (pangatur
jalma-jalma nu meunang pituduh). Dina itungan taréh Maséhi, Umar
jumeneng ti taun 580 nepi ka 645 M. Nyangking kalungguhan khalifah
salila 10 taun (635-645).
Umar kamashur ku kaadilan katut kawijaksanaanana dina ngajalankeun pamaréntahan. Tara cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng, dina nanjeurkeun hukum. Tara méré lawang pikeun lumangsungna korupsi, kolusi jeung nepotismé. Pamajikan, anak, katut dulur jeung baraya, papada meunang tindakan keras kamun dianggap nyimpang tina hukum nu berlaku.
Salian ti kitu, titén tulatén dina merhatikeun fakir miskin. Keur miara
fakir miskin, Umar ngadegkeun “Baitul Ma’al” (Imah Harta), mangrupa
lembaga tempat ngumpulkeun jeung ngurus zakat, sadaqah, jariyah, jeung
sajabana. Larsupna barang atawa duit ka “Baitul Mal” dicatet jeung
dipariksa kalawan gemet. Nepi ka teu aya lolongkrang saeutik ogé pikeun
digadabah ku kacurangan ku saha baé ogé. Sangkan nu ditujul ku “Baitul
Mal” merenah, Umar boga kabiasaan nguriling peuting-peuting. Nalungtik
langsung kaayaan kamanan katut karaharjaan rahayat nu saéstuna.
Salah sahiji kisah panalungtikan Umar nu kamashur, nyaéta manggihan
awéwé kolot mirun seuneu diriung ku barudak raéng careurik. Teu kuat
nahan lapar. Éta awéwé satékah polah ngupahan, sangkan barudak sabar
nungguan kaolahan asak. Bari teu eureun-eureun ngocék pariuk nu caina
ngagogoplak.
Barang disidik-sidik ku Umar, sihoréng pariuk téh ukur eusi cai jeung batu karikil.
“Nanaonan anjeun kitu polah? Nipu barudak ku cara ngagodog batu? “Umar negor sanggeus nyampeurkeun.
“Ah, ngabébénjokeun wé, sangkan gancang sararé. Geus sararé mah, tuh
geuning jempé sanajan beuteungna kukurubukan lapar, “jawab éta awéwé.
Teu engeuheun yén nu datang téh Khalifah Umar.
“Geus sabaraha poé teu boga dahareun?” Umar naros deui.
“Tilu poé jeung ayeuna,” éta awéwé terus terang.
“Naha teu meunang bantuan ti “Baitul Mal” ?”
“Saha nu badé mantuan awéwé kolot tur miskin modél kieu. Eusi “Baitul
Mal” mah apan diancokeun ka jalma-jalma nu deuheus ka Khalifah wungkul.”
Umar ngaranjug. Reuwas jeung éra. Horéng aya kénéh jalma katélér-télér.
Horéng hasil “Baitul Mal” tacan walatra karasa ku saréréa.
Harita kénéh anjeunna gasik angkat. Dituturkeun ku sobatna, Ashim.
Ngagidig ka “Baitul Mal”. Ka nu jaga, ménta tarigu sakarung, minyak,
bumbu sapuratina, jeung rupa-rupa bahan kadaharan séjénna. Regeyeng
dipanggul. Nepi ka rarampayakan bakat ku beurat. Ashim nu seja mantuan,
dicaram.
“Cicing, tong pipilueun. Ieu urusan Umar pribadi jeung umatna, nu kudu
dipertanggungjawabkeun di hareupeun Mahkamah Alloh SWT. Mun jaga kuring
keur dihukuman, anjeun moal bisa mantuan nanaon sanajan ayeuna milu
mantuan,” jawab Umar tandes.
Geus nepi ka nu dijugjug, dekul digawé. Nyieun adonan roti.
Ngahurungkeun deui seuneu nu geus ngetét. Adonan dibeuleum. Bahan-bahan
séjén diolah. Geus asak, barudak digeuingkeun. Sor-sor dibagi hancengan.
Atuh peuting jempling nu tadi pinuh ku renghik sedih, ayeuna jadi hégar
ku kabungah. Umar ngalahun budak pangleutikna. Ngahuapan pinuh asih
jeung deudeuh.
Ngarasa seubeuh jeung sugema, barudak tinggolédag deui nuluykeun hanca
saré tadi. Ka awéwé kolot téa, Umar sasahat sangkan isuk datang ka
“Baitul Mal” pikeun meunang bagéan nu saéstuna.
Ngaraharjakeun rahayat jadi skala prioritas dina pamaréntahan Umar bin
Khattab. Neruskeun tapak lacak Kangjeng Nabi Saw nu mikanyaah
fakir-miskin, nu diteruskeun ku Khalifah Abu Bakar ash Shiddiq. Umar
boga kawajiban ngajaga éta kabiasaan. Nepi ka ngémbarkeun ka sakumna
rahayat : “Wallohi, laumata sya’tun fi sawadil Iraqi dli’atan lahiftulloha an yas’alani anha”.
Demi Allah, lamun aya wé hiji embé paéh kalawan percumah di Irak,
tinangtu kuring ngadégdég lantaran sieun dipénta pertanggungjawaban ku
Alloh.
Puseur pamaréntahan harita aya di Madinah, rébuan kilométer ti Irak.
Tapi Umar teu hayang aya mahluk hirup – sanajan saukur embé – paéh
kalawan alesan teu jelas. Sabab salaku pamingpin, tangtu baris dipénta
pertanggujawaban di Mahkamah Yaumul Akhir.
Umar ogé gedé jasana dina mekarkeun syiar Islam ka wewengkon anyar.
Dina mangsa pamaréntahan Umar, karajaan Romawi Wetan (Bizantium) jeung
Karajaan Persia, taluk kana kakawasaan umat Islam. Kitu deui Mesir jeung
Palestina. Nurutkeun Dr. Mustafa Mahmud, dina bukuna “Abqariyah Umar
bin Khatab” (1980), kapamingpinan Umar bin Khattab, nyongcolang pisan
dina sagala widang. Sanajan umat Islam ngalaman beurat beunghar ku ayana
wewengkon anyar nu taluk kana kakawasaan Islam, tapi henteu nimbulkeun
pangaruh kana méntal spritual umat Islam nu kukuh pengkuh nyekel ugeran
ad-Dienul Islam.
Hiji waktu istri Umar meunang kiriman cepuk dieusi ranggeuyan mutiara
ti praméswari Kaisar Rumawi. Barang kanyahoan ku Umar, éta cepuk gancang
dirampas. Eusina diburulukeun. Disérénkeun ka “Baitul Mal”.
“Masing inget,“ saur Umar ka istrina. ”Praméswari Kaisar Rumawi ngirim
mutiara sacepuk, lantaran anjeun pamajikan Umar bin Khattab, Amirul
Mukminin. Lamun anjeun lain pamajikan Umar nu kabeneran nyangking
kalungguhan khalifah, cadu teuing praméswari Rumawi barang kirim,
samodél kitu.”
Sarua jeung nu kaalaman ku Abdullah, putra Umar. Manéhna meuli hiji
onta begang, harga 4 dirham. Pék diasupkeun ka tempat miara onta milik
nagara. Sababaraha bulan ti harita, onta jadi lintuh pisan. Geus aya nu
wani ngaduitan 20 dirham.
“Alus yeuh onta milik anak kuring, “Umar muji bari nepakan onta, waktu ngaroris ka dinya.
“Leres, Amirul Mukminin. Pangaosna gé tos nikel lima kali tina kawit paméséran 4 dirham,”jawab hiji patugas.
“Sok jual 20 dirham. Nu 4 dirham bikeun ka Abdullah, minangka pulang modal. Nu 16 dirham deui asupkeun ka “Baitul Mal”.
“Naha bet kitu, Amirul Mukminin,“ Abdullah nu kabeneran datang, protés.
“Anjeun mawa onta begang harga 4 dirham ka dieu. Tangtu wé papada
hayang ngurus, lantaran status anjeun anak khalifah. Saha nu teu hayang
nyugemakeun ka anak khalifah, nu baris dianggap nyugemakeun khalifah?
Papada hayang meunang kredit point tina jasa ngangon jeung miara onta
bogana anak khalifah. Mun anjeun hayang jujur, piara ku sorangan. Tong
néwo-néwo ngagunakeun fasilitas rayat jeung nagara.”
Salah sahiji tindakan Umar bin Khattab nu monuméntal, dicatet ku mangsi
emas dina lambaran sajarah Islam, nyaéta ngahukum putrana pituin,
Abdurahman. Sakaligus ngahukum jeung mecat Amar bin Ash tina kalungguhan
gupernur Mesir, lantaran sailon jeung Abdurahman, ngamaénkeun hukum.
Harita di Mesir, Abdurahman mabok inuman keras. Nurutkeun hukum, manéhna
kudu dirangket 25 kali hareupeun umum, jeung buukna didugulan. Tapi
Amar bin Ash nu apal yén Abdurahman putra Khalifah Umar, ngadon ngajak
Abdurahman ka dapur gupernuran. Di dinya, Abdurahman digundulan. Tapi
teu dirangkét. Éta kajadian aya nu ngalaporkeun ka Umar. Amar bin Ash
jeung Abdurahman dijagragkeun ka Madinah. Di hareupeun majelis, Umar
nibankeun hukuman ka Abdurahman, dirangket 50 kali hareupeun umum, jeung
diusir sataun ti Madinah. Amar bin Ash ogé dirangkét 50 kali jeung
dipecat tina gubernur Mesir. Padahal Amar bin Ash téh salah saurang
pahlawan Islam nu hasil ngabedah Mesir.
Tina petikan-petikan di luhur, tétéla dua rébu taun ka tukang -- nu
disebut jaman kuno -- geus aya pamingpin teuneung tur adil. Naha ari di
jaman “modéren” kiwari, bet hésé néangan pamingpin samodél kitu? Tapi
mugi-mugi Alloh SWT maparin pituduh ka urang sadayana, Muslimin
Muslimat, Mu’minin Mu’minat, sangkan tinemu sareng karunia anugrah
Alloh SWT dina sagala widang kahirupan. Mugia di antara anak incu urang
aya nu kaparengkeun kénging pasipatan sohabat Umar bin Khattab, sareng
sadayana sohabat Nabi Saw nu janten conto tuladeun urang sadaya dina
nempuh perjalanan di dunya ayeuna sareng di ahérat jaga. *** Sumber Mangle
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
wilujeng ngawangkong