Minggu, 21 September 2014

Pendidikan Berlandaskan Keimanan Melahirkan Pemimpin yang Sholeh





يَرْفَعِ اللَّهُ الَّذِينَ آمَنُوا مِنكُمْ وَالَّذِينَ أُوتُوا الْعِلْمَ دَرَجَاتٍ

….. Pemilihan pamingpin ternyata di Islam ge aya sababaraha cara, anu dipilih secara langsung, nyaeta nalika pas kapilihna Khalifah Abu Bakar Ash-Shidiq Radiyallahu ‘Anhu, anu ngalibatkeun jalma rea (rakyat), aya anu di tunjuk langsung ku pamingpin saencana, nalika Abu Bakar Ash-Shidiq Radiyallahu ‘Anhu nunjuk langsung Umar bin Khattab Radiyallahu ‘Anhu ngagentos anjena janten Khalifah, aya oge dipilih secara teu langsung, nyaeta Khalifah Utsman bin Affan, harita Umar bin Khattab nunjuk 6 urang sahabat, nyaeta: Usman bin Affan, Ali bin Abi Thalib, Thalhah, Zubair, Ibnu Awwam, Sa’ad Ibnu Abi Waqqas jeung Abdurrahman bin Auf, ngabentuk Ahlul Halli wal Aqdi (lembaga perwakilan, mun dinagara urang ayena mah mirip DPR/DPRD/MPR).

Tur lamun urang teungeutan dina pamilihan Kepala Daerah (Pilkada) ayena anu keur di godog ku anggota DPR, naha rek pemilihan langsung ku rakyat? Atawa teu langsung ku anggota DPRD? Loba pisan pro-kontra ngeunaan kamaslahatan-kamadorotan dina kadua cara eta, tong boro dipihak politisi (Partai Politik) di pihak Ormas Islam ge cumarita, misalna NU,Muhammadiyah, PERSIS, aranjena nganggap rehna pemilihan secara langsung loba madorotna, diantarana rakyat dipake ajang jual beli suara (suap/serangan fajar),  trus rawan konflik diakar rumput, eta mun dipilih ku rakyat, aya oge pamadegan Wanda Hamidah anu dipecat PAN nyarita, mun Kepala Daerah dipilih ku anggota DPRD, justru kandidat Kepala Daerah bisa nyuap anggota Dewan 20 miliar saurang.

Trus atuh anu mana anu alus, langsung ku Rakyat atawa ku DPRD, ah dua nana ge alus tinggal wae Tarikh Khulafau Rasyidin diluhur. Tinggal naon masalahna? Masalahna nyaeta SDM/jalmana, ari zaman Khulafau Rasyidin mah eta didikan Nabi Muhammad anu ngalahirken GENERASI QUR’ANI, nu matak rek pemilihan ku cara naon wae oge pasti hade, ari zaman kiwari, loba jalma pinter tur bergelar tapi ngahasilken GENERASI KORUPSI, sabab pendidikana ges ngarah kana komersil tur tujuan pendidikanna anu geus nyimpang dina aturan, diantawisna pendidikan anu dilandasan ku kaimanan.

(sabeunjer sieur pangaosan ba’da magrib di Masjid Al-Hidayah, Ahad, 21 September 2014)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

wilujeng ngawangkong